Rabu, 10 Oktober 2007

ahir romadhon

hate teh..
pangbalikan unggal rasa
dumukna rupaning kereteg
eunteung keur panyungsi diri

geugeut reujeung ceuceub
senang sakalih longkewang
padungdengan silih simbeuhan

bral geura iangkeun kahayang
geura sorang nu baris datang
panceg di na tangtung
pengkuh ka nu agung

geura jugjug mulangna ati
ka wening nu jadi fitrah

Tidak ada komentar: