Selasa, 08 Januari 2008

peuting tadi

peuting tadi mah marema
teu sakerejep acan bulu panon teh dilelempeng
awak asa rangsad balas digulanggaper sapeupeuting
dasar lalaki lebokeun tetelo,,
sapeutingeun awak kuring ditukeur ku dua juta

peuting tadi mah kapaksa ngalong
hujan nu ngaririncik matak batur ngahephep disimbut haneut
ari kuring,,
pimanaeun bisa reureuh mikiran keur buku sakola si sujang
dalah keur setoran ka pa haji ge can kakumpul

peuting tadi mah teu jadi ngapelan kabogoh
bet ku harianeun jas hujan teh, make jeung leungit poe mangkukna,,
kacipta neng euis na kongkolak panon
nyangsaya nungguan jangji rek lalajo di alun-alun
duh eulis pupujan hate, hampura akang

peuting tadi mah haneutuen
teu kolot teu budak, kabeh ge papada bareuki
leumpang mapay-mapay desa disimbeuh cihujan maturan
teu asa rugi najan baju saawak-awak rancucut oge
sekoteng sapanci badag ledis dicicikeun

peuting tadi mah bagja taya hingga na
kabukti umur teh teu jadi hahalang keur nu jadi kahayang
nyata tanaga teh rosa keneh jadi lalaki keur dua awewe
kabeh ge bisa dibeuli ku pangkat jeung pakaya mah
ukur dua juta mah teu sapira keur nganteur kasenang

Tidak ada komentar: